Panaragan

Panaragan

Upama urang ti manterana mudun ngidul, manggih lembur panaragan. sakelereun jalan disebut; panaragan kaler, sakiduleun jalan panaragan kidul. nu beulah kulon, sisi cisadane panaragan pojok.


pana ragan teh lain ngaran lembur eta bae, tapi tos jadi ngaran desa. nu batasna di beulah kulon nyaeta cisadane, batas kaler nyarenang jeung cimanggu, batas ti wetan cipakancilan, nu ti kidul batasna nyaeta kampung karamat. 

kumaha sarsilahna, kecap pana ragan, nepi ka jadi ngaran lembur jeung desa? cek sawareh mah, asalna tina ngaran; panah rag ragan, nu dipondokeun jadi; pana ragan. sabab, baheula pisan, urang wetaneun jeung kuloneun cisadane teh sok perang. sanes heureuy atawa ulin ulinan, perang enyaan puguh teh.  pakarangna nyaeta panah. jamparing nu ti kulon teu nepi ka urang wetan, nya kitu deui jamparing urang wetan teu nepi ka kulon. nya panah panah teh maruraganaa di lembur panaragan ayeuna. 

aya deui nu nerangkeun kecap panaragan teh asalna tina paneragan, ari robah jadi panaragan.

paneragan teh hartina tempat nerag atawa tegar, cara kecap pangampaan tempat ngampa,pangulinan tempat ulin, pamoyanan tempat moyan, jeung sateurusna. 

jaman baheula mah cehan, jaman cacing dua saduit, nya mahal enyaan, cacing bae hargana nepi ka dua saduit (nyaraho, sakumaha ari saduit teh?) padahal dibere ge asana engke heula, da diarah gawena teu benang, didahar teu beuki, tapi keueun bae lah, da ieu mah ngaranna ge babasan, lain saenyana. 

aya nu nerangkeun, babasan cacing dua saduit teh kieu asal muasalna ti jaman kumpeni ngayakeun kerja paksa, rakyat nu digarawe teh, maculna sok puraga tamba kadengda bae, macul ngan ukur dikurah koreh teh saenyana. sangkan maculna jero, eta ku kumpeni dijieun akal, nya eta ku jalan ngayakeun premi, singsaha anu dian waktu macul bisa meunang cacing dua, dibere persen saduit. ku lantaran hayang meunang premi, maculna kapaksa dijarero keun. (sumawona tutumpakan anu make motor cara ayeuna, delman can aya, dokar oge jarang keneh, anu nyanyabaan kalampahna tarumpak kuda. Boh anu datang ti kulon, boh nu ti wetan, upama geus nepi ka landeuh, nya eta lebah cisadane, kudana teh sok ditegarkeun, mu matak lebah dinya teh katelah nepi ka kiwari 'panegaran" anu robah jadi panaragan, tempat negarkeun kuda. jiga enya deui bae, bener henteuna mah duka teuing. masrahkeun ka nu maraca bae. 


nu saurang deui mah nyurahanana sejen deui; di jawa geus ilahar (saenyana di urang ge kitu) ngaran tempat teh sok ngalap tina ngaran jelema nu cicing didinya. saperti mangkujudon asalna tina kecap mangkujudaan. 

baheula deui bae (cenah urang sunda can barisaeun nyawahm ayeuna barisaun so teh diajar ku urang Jawa. Nu ngajarna pantesna urang walanda ngadatangkeun urang ponorogo. 

eta jalma ti ponorogo teh caricingna ti lebah dinya (panaragan ayeuna), ambeh deukut ka cai, cisadane. nya nepi ka ayeuna eta tempat teh disarebut panaragan, beunang mondokkeun tina ponorogoan, nya eta tempatna urang ponorogo. 

ku urang sunda katelah ponorogon, anu robah jadi panaragan. jiga enya deui bar ... 


0 Response to "Panaragan "

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel